/
DISKUSI ( BUDAYA SUNDA) Disarungsum ku : DISKUSI ( BUDAYA SUNDA) Disarungsum ku :

DISKUSI ( BUDAYA SUNDA) Disarungsum ku : - PowerPoint Presentation

blondield
blondield . @blondield
Follow
356 views
Uploaded On 2020-09-22

DISKUSI ( BUDAYA SUNDA) Disarungsum ku : - PPT Presentation

Panunggu catur M Fadel Girang Serat Lucia Vichensa G Pangjejer Bobby Rahman Femilia Gina Tania Feby Lisnauly A Siti Nurul Fadilah KABUDAYAAN SUNDA Budaya ID: 811883

dina anu nya sunda anu dina sunda nya jeung urang sunda

Share:

Link:

Embed:

Download Presentation from below link

Download The PPT/PDF document "DISKUSI ( BUDAYA SUNDA) Disarungsum ku :" is the property of its rightful owner. Permission is granted to download and print the materials on this web site for personal, non-commercial use only, and to display it on your personal computer provided you do not modify the materials and that you retain all copyright notices contained in the materials. By downloading content from our website, you accept the terms of this agreement.


Presentation Transcript

Slide1

DISKUSI(BUDAYA SUNDA)

Disarungsum ku :

Panunggu catur : M. Fadel

Girang Serat : Lucia Vichensa G

Pangjejer : Bobby Rahman

Femilia Gina Tania

Feby Lisnauly A

Siti Nurul Fadilah

Slide2

KABUDAYAAN SUNDA

Budaya

 atawa 

kabudayaan

 asalna tina basa 

Sansekerta

 nya éta 

buddhayah

, nu mangrupakeun wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa

.

Kabudayaan bisa didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi pituduh pikeun tingkah lakuna

.

Hiji kabudayaan mangrupakeun kabogaan babarengan anggota dina masarakat atawa golongan sosial, nu sumebarna ka anggota-anggotanna jeung pewarisna ka generasi saterusna dilakukeun ngaliwatan proses belajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ka ucap boh henteu (ka asup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).

Slide3

KABUDAYAAN SUNDA

 Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung proses diajar nu beda jeung lantaran lingkungan-lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua. Sedengkeun Sunda nya éta istilah pikeun idéntitas hiji séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon puloJawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna

katut 

kabudayaanana.

Slide4

Watak Urang S

unda

Lamun ditalungtik, sabenerna pamor étika moral Sunda ngabogaan hasanah hikmah anu rongkah, hal éta kagambar liwat talarina.

Aya sawatara étos atawa watek dina budaya Sunda ngeunaan hiji jalan pikeun ngahontal tujuan hirup.

[

 Sajaba ti éta, étos sarta watek Sunda ogé bisa jadi bekel kasalametan dina ngambah kahirupan di dunya ieu, diantarana waé nya éta aya lima, cageur, bageur, bener, singer, sarta pinter anu geus lahir kira-kira jaman Salakanagara sarta Tarumanagara. 

Cageur

, nya éta kudu cageur jasmani sarta rohani, cageur mikir, cageur boga pamadegan, cageur moral, cageur migawé sarta lalampah. 

Bageur

 nya éta boh haté, nyaah ka sasama, loba méré pamadegan sarta kaidah moril nu hadé atawa materi, henteu korét, henteu émosional, boh haté,

Slide5

Watak Urang Sunda

penolong sarta ikhlas ngajalankeun sarta mengamalkan, lain ngan dibaca boh diucapkan waé. 

Bener

 nya éta henteu bohong, henteu asal-asalan dina migawé pancén pakasaban, amanat, lempeng ngajalankeun ageman, bener dina mingpin, sarta henteu ngarusak alam. 

Singer

, nya éta mawas diri lain was-was, ngarti dina saban pancén, miheulakeun batur saméméh pribadi, ngahormatan pamadegan batur, pinuh kaasih nyaah, henteu gancang ambek lamun dikritik tapi ditengetan harti esensina. 

Pinter

, nya éta beunghar élmu dunya sarta ahérat, ngarti élmu ageman nepi ka dasarna, bisa nyaluyukeun diri jeung sasama, bisa ngedalkeun sarta ngabéréskeun masalah kalayan wijaksana, sarta henteu ngarasa singer sorangan bari nyudutkeun batur.

Slide6

Jawa Barat Minangka Wadah Kabudayaan Sunda

Sacara géografis Jawa Barat mangrupa tempat lahir jeung tumuwuhna kabudayaan sunda, Jawa Barat ogé mangrupa daérah kepulauan anu biasa dosebut kepulauan Nusantara. Istilah éta dipaké dina abad ka 14 Masehi nya éta jaman Majapahit. Daérah Jawa Barat anu tumuwuh minangka tempat urang sunda hirup miboga kamekaran anu tangtu dina sagala aspék saperti Téknologi(pakasaban), Sistem duduluran, Basa, Kasenian, Ageman, jeung élmu pangaweruh.

Slide7

Téknologi Urang Sunda dina Widang tatanén

Slide8

Téknologi Urang Sunda dina Widang tatanén

Tatanén pikeun masarakat sunda lain hal anu anéh, sabab dina kabudayaan masrakat sunda pakasaban anu utama nya éta tatanén. Tatanén geus tumuwuh mangabad-abad di masarakat sunda, ti mimiti jaman purba kabiasaan tatanén geus dilakonan ku masarakat sunda, sabab kaayaan alam anu nyadiakeun minangka kabutuhan pikeun neruskeun hirup harita. Sakabéh kagiatan merlukeun atawa miboga pakakas husus, kitu deui dina widang tatanén. Pakakas nu dibutuhkeun téh diantarana :

Arit, nya éta pakakas paranti ngala jukut atawa ngala paré, dijieunna tina beusi dicampur baja jeung kai minangka gagangna, wangunna saperti gaét tapi teu nguél teuing. Arit miboga pungsi pikeun ngababad semak-semak, alang-alang jeung jujukutan.Dina mimitian ngabuka lahan anyar, biasana ngagunakeun arit.

Slide9

Téknologi Urang Sunda dina Widang tatanén

Asahan, mangrupa batu husus paranti ngasah sabangsaning péso, bedog, jsté.

Aseuk, Wangun aseuk téh kai buleud panjang, méncos tungtungna, paranti ngaseuk, nyieun logak leutik keur melak sisikian saperti jagong, suuk, buncis, kacang jsb. Aseuk disebut ogé luju.

Bakrik, Mangrupa pakakas nu dijieunna tina awi anu diala katut jangkarna, dipaké pikeun gantar pangait, disadiakeun pikeun nulungan nu kahuruan, kaayeunaeun kakaitna sok dijieun tina beusi.

Bawak, Bagian pacul nu ngahiji jeung gelungana (bagian seuseukeutna beunang dilaan upama rék diasah).

Caplak, nya éta pakakas nu dipaké dina keur tandur, gunana pikeun ngaguratan taeuh supaya upama nancebkeun binih paré lempeng. Caplak téh dijieunna tina kai.

Slide10

Téknologi Urang Sunda dina Widang tatanén

Bedog, Nya éta parabot paranti meulah atawa motongasabangsaning awi tawa kai jeung barang séjénna. Dijieunna tina beusi, pérah/ gagangna maké kai tawa ku aluminieum. Wangunna aya anu pondok aya ogé anu panjang. Wadahna disebut sarangka, anu dijieunna tina kai.

Burujul, nya éta wuluku nu teu maké lanjam

Congkrang, mangrupa parabot paranti ngababad sabangsaning jujukutan atawa tatangkalan anu leutik, jeung sajabana. Dijieunna tina beusi gagangna tina kai atawa aluminieum. Waggunna rada panjang batan arit, bagéan luhurna melengkung.

Étém, téh sabangsa péso nu diwangun husus paranti ngala paré raranggeuyan.

Garpuh, nya éta pakakas tukang tani paranti ngaguarkeun taneuh.

Halu, nya éta parabot paranti nutu, dijieunna tina kai anu buleud.

Slide11

Téknologi Urang Sunda dina Widang tatanén

Kujang, mangrupa pakakas sabangsa bedog sok dipaké pakarang atawa nyacar pihumaeun ku Urang Sunda baheula, bisa dipaké ngadék jeung newek, kiwari dipaké lambang rupa-rupa organisasi kasundaan.

Koréd, nya éta pakakas tani pikeun miceunan jujukutan di kebon, dijieunna tina beusi jeung waja, wangunna sarupa arit tapi dilengkungkeun.

Garu, nya éta pakakas tukang tani, paranti ngajurkeun taneuh sawah sabada diwuluku, wangunna suga sisir carang, biasanna ditarik ku munding atawa sapi boh sarakit boh hiji.

Lalandak, nya éta parabot paranti ngarambét di sawah nu ditanduranana maké digarit (tandur jajar) . Disebut ogé géréndél atawa gilinding.

Lisung, mangrupa pakakas paranti nutu paré, dijieunna tina kai, liangna dua nya éta liang buleud jeung ling pasagi opat panjang.

Pacul, nya éta parabot paranti malikkeun taneuh di sawah, ngagali lobang, ngamalirkeun cai, ngaduk jsb. Seuseukeutna dijieun tina beusi atawa waja, gagangna tina kai nu diradabéngkokkeun sangkan gampang makéna.

Slide12

Sistem Dududuluran

Kiwari sistem duduluran urang sunda leuwih dipikawanoh Pancakaki. Pancakaki nya éta hiji sistem anu ngagambarkeun hubungan kulawarga. Dina adat istiadat urang sunda, pancakaki téh ngabogaan dua harti. Harti anu kahiji, pancakaki téh mangrupa perenahna jelema ka jelema deui, anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh. Upamana waé kumaha pancakaki si Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, emang, bibi, anak, buyut, alo, suan, jsté. Harti anu kadua pancakaki téh mangrupa papayan perenahna kabarayaan.

Slide13

Sistem Dududuluran

Rundayan/Turunan

1. Ti luhur ka handap

Slide14

Sistem Dududuluran

Kagigir

Slide15

Basa Masarakat Sunda

Basa Sunda resmi diaku salaku basa nu madeg mandiri ti mimiti taun 1841, dicirikan ku ayana (terbitna) kamus basa Sunda nu munggaran (kamus basa Belanda-Melayu dan Sunda). Kamus éta diterbitkeun di Amsterdam, disusun ku T. Roorda, Sarjana basa timur, sedengkeun kandaga kecapna mah dikumpulkeun ku De Wilde. Tuluy Roorda ngajieun pernyataan : 

Tulisan déngdékIeu kamus aya mangpaatna, hususna ngarah leuwih apal kana basa anu nepi ka ayeuna kurangna pangaweruh jeung teu sampurna, basa anu dipaké di wewengkon Jawa wilayah barat (kulon), ku masarakat di dinya mah sok disebut Sunda atawa Sundalanden, basa nu dipaké di wilayah timur, béda jeung basa Jawa jeung Melayu, nya éta basa anu dipaké ku urang dengeun di kepulauan Hindia Timur

. Basa Sunda salaku basa anu digunakeun dina pakumbuhan masyarakat, miboga sababaraha dialék gumantung daérahna, kayaning dialék Banten, Bogor, Parahyangan, jeung Cirebon. Alatan kitu, basa Sunda ogé mibanda basa anu maneuh dina hartian bas

Slide16

Basa Masarakat Sunda

lulugu minangka basa penganteur atawa basa nu baku dina pengajaran atawa dina pakumbuhan nya éta basa nu aya di wilayah Priangan utamanya Bandung.

  Dina basa sunda aya anu disebut undak-usuk basa anu mangrupa padodan pikeun basa masarakat sunda.

Undak-usuk basa anu dijieun jeung diajarkeun dina abad ka-19 nepi ka awal ka-20, mémang luyu jeung kaayaan masyarakat Sunda harita anu dibagi dina tahap-tahap sosial. Basa Sunda mibanda alat pikeun nuliskeunana nya éta aksara Sunda, ogé dieuyeuban ku Undak-Usukna anu digunakeun nalika nyarita anu diluyukeun jeung tempat, jalma anu diajak nyarita jeung anu dicaritakeunana minangka silih ajénan anatara papadana. Tétéla geuning basa Sunda téh mangrupa basa anu madeg mandiri, basa anu tumuwuh di lingkungan masarakat Sunda,basa nu kudu dijaga, kudu diriksa jeung diraksa ku sakumna urang Sunda minangka salasahiji unsur budaya pikeun ngécéskeun yén “Basa Sunda Jati Diri Urang Sunda”.

Slide17

Élmu Pangaweruh Masarakat Sunda

Elmu nya éta kumpulan pangaweruh pikeun ngajawab pasualan dina kahirupan manusa. Sedengkeun pangaweruh nya éta sakabéh hal anu dipikanyaho ngeunaan objek anu tangtu. Gunana élmu pangaweruh nya éta pikeun alat dina ngabantu manusa nalika ngaréngsékeun masalah nu disanghareupan sapopoéna. Teu sakabéh élmu pangaweruh bisa disebut élmu, sabab élmu mangrupa pangaweruh anu cara meunangkeunna téh kudu nyumponan sarat-sarat kalawan ngagunakeun metode ilmiah. Élmu mimitina tina pangalaman manusa jeung rengse dina wates pangalaman manusa. Dina masarakat sunda, aya anu istilah Pamali,Uga, Cacandran, jeungKili-kila pikeun sawatara élmu pangaweruh masarahat sunda jaman harita.

Slide18

Élmu Pangaweruh Masarakat Sunda

Pamali, mangrupa istilah Basa Sunda pikeun ngagambarkeun norma tradisi lokal. Upama norma éta teu dilaksanakeun, mangka bakal aya balukarna. Dina tradisi filsafat positif, pamali téh disawang teu asup akal, sababpamali miboga harti nu teu logis. Tapi dina jihat séjén pamali disawang pikeun hiji kaarifan lokal nu sabenerna miboga rasionalitasna sorangan nu aya patalina jeung étika. Dihandap ieu aya conto-conto pamali nu bisa dipercaya ku urang atawa henteu :

Ulah lila teuing cicing di WC (Rohangan paranti mandi) Sabab lamun urang lila teuing cicing di WC, mangka fisik urang kaciri leuwih kolot tibatan umur urang.

2. Kabiasaan dahar petis dina waktu peuting Sabab lamun urang dahar petis dina waktu peuting bakal ngabalukarkeun kateungeunahan haté, jeung lamun pikeun nu can kawin mah bakal hésé jodo, tapi pikeun nu geus kawin mah bakal paséa waé.

[5]

Slide19

Élmu Pangaweruh Masarakat Sunda

Kabiasaan maké baju bari leumpang Sabab bisa ngabalukarkeun cita-cita urang teu kalaksanakeun.

Cicing dina lawang panto Lamun urang cicing dina lawang panto, tangtu urang bakal hésé meunangkeun jodo.

Mandi dina waktu beurang Bisa ngabalukarkeun babari kolot.

Uga jeung wangun séjén nu aya di sakuliah dunya, geus aya ti jaman baheula.

Hal ieu dumasar kana ungakara-ungkara anu aya dina ajaran agama jeung 

folklor

 anu aya di unggal nagara. Dina agama Islam, uga disebut “nubuat” anu eusina mangrupa tujuman pikeun kahirupan kahareup. Basa uga ditelahkeunana kana omongan anu méré béja piayaeun naon-naon kangeunahan atawa bancang pakéwuh (kasusahan) di ahir, tapi lain anu bangsa lahir,

Slide20

Élmu Pangaweruh Masarakat Sunda

saperti kana tangkal cau, jaga bakal jantungan. Ieu jelema jagana bakal diruang; tapi kapakéna uga mah kanu moal kapanggih, tapi ku pikiran tahayulan jelema tangtu kapangih, ngan teu nyaho di urang kénéh atawa ku anak incu. Nu matak ari aya nu rada sarupa jeung taksiran sok diaoromongkeun ‘geus tepi ka ugana’ atawa ‘samorong ceuk uga’.

Ari conto-contona omongan baheula: 

Jaga mah, barudak, sajajalana disaungan

. Béh karéta api. 

Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat

. Béh telegram.

Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék

. Béh anak somah naék pangkat, anak ménak teu pangkat. 

Jaga mah, barudak, ngateuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angker gawé

 Béh nu dagang di pagawéan.

Slide21

Élmu Pangaweruh Masarakat Sunda

Cacandran, nya éta carita luluhur nu ngagambarkeun kaayaan nagara jeung sajabana nu bakal dialaman, saperti cacandran masarakat sunda numutkeun kolot baheula geus ngomong yén “Sumedang ngarangrangan, galunggung ngadeg tumenggung, Sukapura ngadaun ngora, Bandung heurin ku tangtung, Cianjur katalajuran, Ciamis amis ku maneh, Banagara sor ka tengah ”. Hiji uga anu kawentar di Tatar Sunda. Ari uga teh bisa jadi ramalan atawa prediksi, tapi, bisa jadi oge panggero pikeun sasadiaan sangkan ulah kajadian atawa ulah kasorang hal sakumaha anu digambarkeun dina uga. uga anu tadi aya benerna, tapi aya oge teu benerna. Benerna, kusabab memang kabuktian, ayeuna Bandung heurin ku tangtung. Malah lain wae keur anu masih hirup (anu masih bisa nangtung) heurin téh, dalah keur anu maot gé di sababaraha tempat geus heurin kacida.

Slide22

Élmu Pangaweruh Masarakat Sunda

Kila-Kila, nya éta totondén ti alam kana naon-naon anu bakal kajadian ku urang. Jalma-jalma nu hirup tiheula saméméh urang nya éta kolot atawa karuhun urang leuwih dalit jeung alam.  Manusa miara alam nya kitu ogé alam miara manusa. Nya salah sahijina ku ayana sasatoan anu méré totondén siga kieu téa. Cenah :

1. Sora manuk sit uncuing = bakal aya nu maot

2. Sora hayam jago lain wayahna = rék aya nu reuneuh

3. Sora manuk bueuk tengah peuting = bakal aya wanoja nu lalagasan tapi kakandungan alias reuneuh tapi acan kawin.

4. Sora manuk bebencé = Ceuk cenah lamun ngadéngé sora bebencé di lembur, tanda aya bangsat keur kukulamprengan neangan palingeun. Urang lembur kudu taki-taki, ulah saré tibra teuing

5. Aya kukupu hiber di jero imah = rék aya tamu

6. Ngimpi newak lauk = rek meunang duit

Slide23

Élmu Pangaweruh Masarakat Sunda

7. Kekenudan panon kenca = rek manggih kasedih

8. Kekenudan panon katuhu = rek manggih kabagjaan

9. Murag bulu mata = aya nu sono ka urang

10.Lamun panas ceuli = aya nu ngomongkeun.

Slide24

Ageman Masarakat Sunda

Sistem kapercayaan mula-mula Masarakat Sunda henteu kawas lolobana masarakat anu séjén, di mana masarakat Sunda henteu miboga mitos ngeunaan panyiptaan atawa mitos-mitos séjén anu ngécéskeun asal mula suku ieu. Henteu saurang ogé weruh ti mana maranéhanana datang, ogé kumaha maranéhanana nyicingan di Jawa Barat. Jigana dina abad-abad kahiji Masehi, sajumplukan leutik suku Sunda maluruh leuweung-leuweung gunung sarta ngalakonan budaya ngahuma pikeun muka leuweung. Kabéh mitos pangmimitina ngomong yén urang Sunda leuwih pantes gawé ngahuma batan patani paré. Ageman masarakat sunda baheula nya éta ageman pituin urang Sunda nya éta sunda wiwitan. Sanajan mustahil pikeun nyaho sacara pasti kawas naon kapercayaan sunda wiwitan jeung iraha tumuwuhna, tapi numutkeun pitunjuk nu kapanggih dina puisi-puisi epik kuna (Wawacan)

Slide25

Ageman Masarakat Sunda

sarta suku Baduy nyebutkeun yén ageman maranéhanana nya éta Sunda Wiwitan [urang Sunda anu pang heulana].

Lain ngan suku Baduy anu ampir leupas ti elemen- elemen Islam (kajaba maranéhanana anu aya leuwih ti 20 warsih anu tuluy), tapi suku Sunda ogé nempokeun karakteristik Hindu anu saeutik pisan. Kaayeunakeun masarakat sunda kiwari geus loba anu kapangaruhan ku agama islam malah ampir kabéh, tapi lain hartina ageman sunda wiwitan leungit. Kiwari ageman sunda wiwitan dipaké ku sawatara masarakat sunda saperti masarakat baduy.Iwal ti éta ageman anu masih hirup di masarakat sunda kiwari nya éta upacara-upacara asat saperti : sérén taun, pésta rakyat jsb.